Mengenai Saya

Foto saya
Pandeglang BANTEN 42213, Banten, Indonesia
Saya adalah pelaku seni yang dilahirkan dari keluarga seni tradisi Sunda. Aktivitas kini adalah menata, melatih, berlatih, menggarap, menggelar, membina, mengemas, dan mengembangkan kesenian tradisional. Menjadi pemimpin bagi teman-teman dan anak-anak di SANGGAR BALE SENI CIWASIAT. Disamping tentunya tugas rutin sebagai pegawai negeri sipil di Provinsi Banten. Kontak saya 08129684130 / 087809876130

Selasa, 23 Mei 2023

ARCA DINA BUDAYA SUNDA BAHEULA Ku: Tatang Sumarsono



Asa geus prah, urang téh nyebutna sok “patung” waé. Ning sok rajeun kadéngé anu nyarita, “Ayeuna mah di Puwakarta loba patung”. Tuh pan, nyebutna “patung” Atawa sesebutan séjénna: patung maung, patung pahlawan, patung lauk, jeung sajabana. 

Padahal mun ceuk kamus mah éta kecap téh tina basa Indonésia, da ari Sundana mah “arca”. Satjadibrata dina kamus anu disusunna (taun 1948) nétélakeun yén anu dimaksud arca téh nyaéta “batu at. kai, jst. nu diukir dirupakeun jelema, sasatoan, jst.”

Heup waé lebah istilah mah, tong kapapanjangan. Urang cindekkeun waé yén ari arca téh nya patung téa. Ngan mun téa mah judul ieu tulisan henteu ngagunakeun kecap “patung”, tapi “Arca dina Budaya Sunda Baheula” ieu téh anu dipalar ngarah ngalagena, jeung itung-itung ngahirupkeun deui kecap “arca”. Anu dimaksud “baheula” di dieu urang watesanan wé ti saratus taun ka tukang.

Naha ari dina budaya Sunda aya anu disebut “arca”? Meureun pangna aya istilahna gé, hartina éta téh barangna aya. Atawa sakurang-kurangna urang Sunda wawuheun kana nu nu disebut arca. Ngan pasualanana, ari di Sunda loba arca? Jeung naon ari fungsi arca dina kahirupan?

Pikeun ngajawab éta pertanyaan, tangtu kudu disusud sajarahna. Ari anu disebut sajarah, apan kudu puguh sumber buktina, lain ngandelkeun cenah, ukur hasil ngararampa, atawa katerangan ti anu dianggap paranormal (upamana waé ngaliwatan ritual kasurupan).

Lamun maluruh arca anu diteundeun di musieum, di Gedong Gajah, Jakarta, upamana, tétéla arca anu jolna ti Sunda, atawa anu dianggap pituin Sunda mah minim pisan, jaba deuih bentukna gé kasar kénéh, tacan dialus-alus sakumaha ilaharna arca titinggal buhun anu kapanggih ti luareun wewengkon Sunda. Bangunna téh lebah nyieunna ogé ukur puraga tamba kadengda. Béda jeung anu asalna ti Jawa; keur mah loba, katurug-turug bentukna aralus, tur dianggap nyumponan éstétika.

Najan arca titinggal jaman buhun anu kapanggih di Sunda téh minim, tapi sakurang-kurangna tepi ka taun 1500-an, urang Sunda geus wawuheun kana ngukir atawa ukir-ukiran. Hal ieu kaunggel dina naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian, naskah heubeul anu eusina ngaharib-harib énsiklopédia, ditulisna taun 1518. Ditétélakeun kieu:

“Sa(r)wa iwir/a/ ning ukir ma: dinanagakeun, dibarongkeun, ditiru paksi, ditiru were, ditiru singha; sing sawatek ukir-ukiran ma, marangguy tanya.” Tarjamahanana kurang leuwih: sagala rupa ukiran nyaéta: nanagaan, babarongan, ukiran manuk, ukiran monyét, ukiran singa. Sagala rupa ukiran, pék tanya maranggi (ahli ukir).

Naha anu dimaksud ukir-ukiran ceuk éta naskah téh dina wujud arca? Tangtu waé kudu dipaluruh deui, atawa niténan dina naskah séjén. Ngan waé lamun niténan katerangan Tome Pires, urang Portugis anu kungsi nganjang ka Pakuan dina awal abad ka-16, disebutkeun yén karaton téh disangga ku 330 tihang saukuran tong anggur, jangkungna opat pathom (kira-kira salapan méter), tur di luhurna aya ukiran aréndah.

Tina éta katerangan bisa dicindekkeun yén ukiran dina jaman harita téh fungsina ukur panambah hiasan kana hiji barang (dina hal ieu tihang) sangkan leuwih alus katempona, lain anu dirupakeun arca. Urang cindekkeun deui (najan ieu kacindekan téh tacan tangtu sagemblengna bener), urang Sunda tara nyarieunan arca, tapi cukup ukir-ukiran waé (mun ayeuna mah jigana kawas ngukir pérah bedog). Mémang kungsi kapanggih arca tipeu Polynésia di Gunung Kapur jeung Pulo Panaitan, titinggal jaman prasajarah, tapi teuing jieunan mana.

Mana kitu gé arca téh teu dalit dina kahirupan urang Sunda baheula. Karuhun urang beunang disebutkeun yén umumna tara pirajeunan nyarieun arca. Naon sababna? Bisa jadi teu miboga kaahlian alias teu tapis, atawa teu kataji juan-jieun bangsaning arca. Bisa jadi deuih anu disebut arca téh dianggap taya patalina jeung ajén-inajén budaya Sunda harita. Cindekna, arca téh dianggap teu fungsional dina kahirupan urang Sunda. Fungsional di dieu bisa dina harti mangpaat langsung kawas pakakas tatanén, atawa aya patalina jeung unsur spiritual. 

Lamun nyaritakeun unsur spiritual, tangtu éta téh patali jeung agama. Enya apan aya panganut hiji agama anu nyembahna kana arca (bisa nyembah langsung ka arca anu dianggap boga kakuatan, bisa deuih arca anu disembah téh ukur diposisikeun jadi médieum anu nyambungkeun kana kakuatan saluhureunana).

Urang Sunda baheula, saméméh asup Islam, lolobana ngagem agama Hindu. Ari anu nganut agama Budha mah ngan saeutik. Tapi, boh Hindu boh Budha anu dianut ku urang Sunda baheula, béda jeung anu aya di tempat asalna. Agama anu datang ti luar téh diaworkeun jeung kapercayaan anu geus nyampak ti saméméhna. Éta pangna tilu déwa dina Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa) posisina diturunkeun ka sahandapeun Batara Tunggal. Cindekna, éta tilu déwa téh ukur jaradi bawahan alias asistén. 

Urang Sunda harita teu nyembah arca, tapi langsung ka Anu Maha Luhur tur sipatna gaib. Pangéran urang Sunda disebutna Hiyang, tur miboga sawatara ngaran, upamana waé Sang Hiyang Keresa (anu kawasa), Anu Ngersakeun (anu boga kahayang), Batara Tunggal (anu ngan hiji), Batara Séda Niskala (anu gaib), Batara Jagad (anu sarwa nyaho). Tina sakur éta sesebutan, hiji gé taya anu diwujudkeun atawa dirupakeun arca.

Tempat anu dianggap suci ku urang Sunda jaman harita nyaéta kabuyutan atawa mandala. Ieu kabuyutan aya anu fungsina diposisikeun jadi lembaga pendidikan pikeun neuleuman élmu agama (Kabuyutan Sanghiyang Binayapanti jeung Gunung Kubang), aya anu fungsina jadi tempat upacara kaagamaan (Kabuyutan Jayagiri, Sunda Sembawa, Gunung Samaya, Kanékés), jeung anu fungsina jadi simbul kanagaraan (Kabuyutan Gunung Gedé jeung Gunung Galunggung).

Henteu kungsi kacatur yén di éta kabuyutan anu sumebar téh aya arca, wabil husus anu patali jeung sesembahan. Kitu deui di Kanékés (moal nyebut Baduy, sabab dianggapna sesebutan pikeun ngahina), sok sanajan kawartakeun aya anu disebut arca domas, tapi ari ceuk Kang Anis Jatisunda anu dianggap paling apal kana kahirupan urang Kanékés mah éta arca téh taya di kieuna. Ukur sesebutan wungkul atawa ukur simbul spititual.

Ku kituna, dina urusan kapercayaan, urang Sunda baheula leuwih mentingkeun ajén atawa eusi, batan wujud fisik (éta mah anu rék dirupakeun naon waé). Ieu sikep téh henteu ngan patali jeung kakuatan spiritual wungkul, tapi deuih ébréh dina kahirupan nyata sapopoé, upamana waé katokohan pamingpin. Luluhur Sunda henteu kungsi ngawariskeun arca minangka réduplikasi tina wujud jalma linuhung (mana komo jalma biasa mah moal aya). Asa tacan ngadéngé aya arca Prabu Sribaduga (anu ku urang Sunda dibéré jujuluk Prabu Siliwangi), upamana. Padahal Siliwangi apan ku urang Sunda teu weléh kapicangcam, tug tepi ka kiwari. Béda jeung di Jawa, tokoh anu keur jaman hirupna dianggap ngajungkiring téh sok dijieun arcana, upamana waé Kén Dédés. Geus puguh deui ari para raja lianna mah. Di Sunda teu nyampak arca para raja katut tokoh-tokoh lianna.

Kitu (mana komo) deui sanggeus asup ka jaman Islam, tradisi nyieun arca di Sunda téh teu kungsi kacatur. Aya ogé dina karajinan nyieun gagarabah, nyaéta céngcéléngan anu sok dirupakeun sasatoan (hahayaman atawa lalaukan, upamana). Tapi apan éta mah lain arca, da bahanna ogé tina taneuh anu dibeuleum.

Dina jaman penjajahan Walanda, mémang enya aya sawatara arca anu dipaké nambahan kaéndahan taman. Tapi da éta mah apan jieunan Walanda, jeung tokoh anu dijieun réduplikasina ogé lain bangsa urang.

Terus ayeuna urang sebut wayang golék anu bentukna tilu diménsi tur bahanna tina kai, meureun aya anu tumanya: naha ari éta kaasup arca? Sakanyaho mah asa teu keuna mun disebut kitu. Wayang mah nya wayang waé sesebutanana ogé, tur bentukna didistorsikeun, henteu dirupakeun normalna wujud jalma.

Jadi ana kitu, ieu mah kacindekan saheulaanan, dina budaya Sunda teu nyampak tradisi nyieun arca.

Kumaha lamun ayeuna rék dibudayakeun? Nya, éta mah hempék waé. Ngan meureun anu kudu dijinekkeun heula téh, naon (waé) mangpaatna pikeun kahirupan balaréa.***

21 September 2021

Tidak ada komentar: